Rajah Linuhung Elmu
(Tiasa ku lagu rajah Kidung, Kinanti Payo)
Pun sapun ka Maha Agung,
nu ngamurba bumi langit,
sungapan rawayan gelar,
tis tumitis ayun batin,
tang lumentang pawayangan,
jaladri asih awaking.
Kun fayakun nu ti luhur,
nu numpi di sanubari,
nu tapa dina mamaras,
ngusik-ngusik nu keur numpi,
ngobah-ngobah pangawasa,
jajaten kasakten diri.
Ti Kidul elmuning luhung,
ti Kaler elmuning hade,
ti Kulon elmuning katon,
ti Wetan elmuning iman.
ti luhur papayung agung,
ti handap dadampar takwa.
Sup nyurup rupaning elmu,
rep rerep sirna di diri,
jadi pakarang gumelar,
muga panjang mangpaatna,
pikeun bakti ka pertiwi.
muga rahayu walagri.
Amin Ya Robal Alamin,
Mugi Gusti Nangtayungan.
Jampe Harupat
Lain ieu mah euy… bisi wae urang jaganinggeto kudu mepende budak, ieu salah saiji lalaguan anu cocok…
Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat
Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat
Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya
Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna
Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa
Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan
Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring
Ngumbar Katineung..
Anjeun
Teu aya deui nu mikacinta iwal Anjeun
teu aya deui nu mikamelang iwal anjeun
pangnyaahna sadunya pangbageurna sadunya iwal anjeun
anu heman tur daria anu jangji satia ngan ukur anjeun
duh aduh aduh aduh
hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
duh aduh aduh aduh
hate reugreug aya sagigireun anjeun
ngan saeutik hanjakalna lamun tepang osok ngajak rurusuhan
dasar kudu kanyahoan horeng anjeun geus rimbitan
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
inggis beunang ku batur inggis bogoh ka batur iwal anjeun
unggal peuting babacaan mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
duh aduh aduh aduh
kurang dahar kurang sare mikir anjeun
duh aduh aduh aduh
hayang deukeut hayang geugeut ngan jeung anjeun
dasar kudu kanyahoan ngirim SMS salah ngasupkeun eusina
SMS sial jeung cilaka… putus kaditu kadieu.
Ini lagu saya tulis dan dedikasikan buat temen yang sekarang masih berjuang mencari cinta palsu… hahahahaha
(sing inget ka purwadaksi..hehe, halah teuing naon artina eta teh..)













